Imah![]() Harti lain tina imah tempo di Imah (disambiguasi). Imah dina harti nu geus umum nyaéta struktur wangunan beunang manusa nu dihalangan atawa dipindingan ku dingding jeung diiuhan hateup.[1] Imah mangrupa hiji tempat keur nyingkahan présipitasi, kaanginan, kapanasan, katiisan, gangguan manusa jeung sato.[1] Masarakat sakapeung indit ti imah dina waktu sababaraha poé keur kaperluan digawé jeung rékréasi, tapi umumna balik deui ka imah nu boga fungsi utama keur saré.[1]Imah disebut ogé bumi; rorompok kagunaan utamana pikeun tempat jelema cicing beurang – peuting.[2][3]
Konsép imahKonsep imah urang Sunda aya 3:
CaritaDina tradisi jeung adat masyarakat Sunda, imah panggung hartina henteu napel kana taneuh maksudna pikeun ngahormat ka jalma nu tos teuaya dikieuna. [4] SajarahImah geus dipaké tempat cicing ku manusa ti zaman pra-sajarah, mimiti dipaké salaku alternatif pikeun guha. Bahan, gaya, sarta cara nyieun wangunan geus robah-robah sajalan jeung waktu. Imah urang Éropah barétona ukur mangrupa saung nu kamarna hiji nu ditempatan ku sakabéh kulawarga sarta ingon-ingon, keur ngajaga imah jeung pangeusina tetep haneut salila usum salju. di antara conto tiheula (nurutkeun umur pangira-ngira nu ditéangan ku para arkéolog), imah nu has waktu harita nyaéta palafitte. Bentuk séjén![]() Wangun séjén imah nyaéta apartemén (atawa flat), nu mangrupa salah sahiji tina sababaraha unit nu aya dina sababaraha tingkat, sarta dipisahkeun ku lantéy, pinding jeung panto tapi dihijikeun pikeun ngawangun hiji wangunan nu leuwih gedé tapi aya dina sahandapeun hiji hateup. Hiji imah nu eusina ukur dua apartemén disebut dupléks. Di Inggris, flat nu boga dua lantéy disebut maisonette. Mansion nyaéta hiji imah nu kacida gedéna, mindengna mah kacida pinuhna ku hiasan tur hargana mahal.[4]
PangiuhanBentuk pangiuhan (shelter) nu leuwih basajan batan imah di antarana dugout, ténda (tempo ogé kémah), camper, saung, hateup tanpa pinding, atawa struktur kalayan hateup jeung satengah pinding, saperti mindeng katemu dina halte beus, jeung gazébo. KonstruksiTéknik konstruksi imah kiwari anu populér tanya lain ngagunakeun rangka baja ringan, utamanya di daérah anu susah kai keur bahan wangunan. Imah TradisionalBagian-bagian imah mibanda maksud jeung tujuanna, sanajan kiwari geus laleungitan alatan robahna bahan-bahan anu dipaké dina nyieun imah.[5] Ditempo tina kagunaanna, bagian-bagian dina imah téh kayaning:
Jeung sajabana <ref name=”Mua”_> Tempo ogéArtikel
DaptarDicutat tina
|
Portal di Ensiklopedia Dunia