H
H nyaéta hurup ke-8 dina alfabet Latin. Dina basa Indonésia, hurup ieu disebut ha. Dina basa Inggris, hurup ieu disebut aitch (loba: aitches), dibaca /ˈeɪtʃ/ atawa /ˈheɪtʃ/. Hurup ieu biasana melambangkan konsonan desis celah sora nirsuara. Sajarah
Hurup Semitik ח (ḥêṯ) kamungkinan badag melambangkan konsonan desis hulu kerongkongan teu bersuara (/ħ/). Wangun hurup ieu meureun hartosna pager. Alfabét Yunani H mimiti berbunyi /h/, tapi lila-lila jadi hurup vokal eta (Η, η) anu berbunyi /ɛː/ (dina basa Yunani modérn, foném ieu ngagabung kalayan /i/.) Basa Étruska sarta basa Latin kungsi mibanda foném /h/, namum ampir kabéh rungkun basa Roman kaleungitan sada éta. Saterusna basa Romania meminjam foném /h/ ti basa-basa Slavia di deukeutna, sarta basa Spanyol ngamekarkeun sada /h/ sekunder ti /f/ saméméh kaleungitan sada éta deui, samentara sawatara dialek basa Spanyol maké /h/ minangka alofon /s/ di sawatara wewengkon anu maké basa kasebut. PamakéanDina Alfabét Fonétik Internasional, simbol ieu dipaké pikeun ngawakilan dua sada. Hurup leutikna, [h], ngawakilan konsonan desis celah sora teu bersuara atawa 'berhembus', sarta hurup badag anu dikecilkan, [ʜ], melambangkan konsonan desis katup ambekan teu bersuara. H ogé dipaké dina élmu pasti. Dina kimia, H nyaéta simbol kimia pikeun Hidrogén. H nyaéta simbol konstanta Hubble (hurup badag) sarta jangkungna/kedalaman (hurup leutik) dina fisika. H ogé mangrupa singgetan ti unit induktansi dina sistem Hijian Internasional: hénry. Kode komputasiRépréséntasi alternatif hurup H
Tempo ogé
|
Portal di Ensiklopedia Dunia