Vitamin DVitamin D nyaéta sagorombol prohormon nu leyur-lemak, dua di antarana anu utama nyaéta vitamin D2 (atawa érgokalsiférol) jeung vitamin D3 (atawa kolékalsiférol)[1]. Istilah vitamin D ogé nujul ka sakur métabolit jeung analog ieu zat. Vitamin D3 dihasilkeun dina kulit nu kasorot panonpoé, hususna radiasi B ultrabungur. Vitamin D gedé gunana dina ngokolakeun sistem organ[2]:
Kakurangan vitamin D bisa disababkeun ku (1) kurangna asupan nu dibarung ku kurang kasorot panonpoé, (2) cacad nu ngawates absorpsina, (3) kaayaan nu ngaganggu konversi vitamin D jadi métabolit aktif (kayaning cacad/gangguan ati atawa ginjal), atawa (4) sababaraha cacad turunan anu ahéng[2]. Balukarna, mineralisasi tulang jadi kaganggu, nu antukna ngaleuleuskeun tulang, rakhitis pikeun barudak atanapi ostéomalasia pikeun nu sawawa, sarta béh dituna kana ostéoporosis. Najan kitu, kasorot panonpoé ogé henteu salawasna hadé, sabab mun kaleuleuwihi bisa ngabalukarkeun kangker kulit. Bentuk
Sababaraha bentuk (vitamér) vitamin D geus kapanggih (tempo tabel). Dua bentuk utama nyaéta vitamin D2 atawa érgokalsiférol jeung vitamin D3 atawa kolékalsiférol, nu duanana katelah kalsiférol[9]. Tina jihat kimia, rupa-rupa bentuk vitamin D téh kaasup kana sékostéroid, nyaéta stéroid anu hiji beungkeut dina cingcin stéroidna pegat[10]. Wangun anu béda antara vitamin D2 jeung vitamin D3 ukur aya dina ranté gigirna. Ranté gigir D2 ngandung beungkeut ganda antara karbon 22 jeung 23, sarta hiji gugus métil dina karbon 24. Vitamin D2 diturunkeun tina sumber-sumber nabati (fungi jeung tutuwuhan), henteu dijieun ku awak manusa. Vitamin D3 diturunkeun tina sumber-sumber héwani sarta dijieun dina kulit nalika 7-dehidrokoléstérol karadiasi UVB dina panjang gelombang 270–300 nm, nu puncak sintésisna antara 295-297 nm[11][12]. Ieu panjang gelombang aya dina cahya panonpoé nalika indéks UVna leuwih ti 3 (aya sapanjang taun di wewengkon tropis, usum panas jeung gugur di wewengkon sedeng, di wewengkon kutub mah teu aya), vitamin D3 bisa dihasilkeun cukup ku kasorot salila 10-15 menit dua kali saminggu pikeun raray, leungeun, jeung tonggong buligir. Leuwih lila ti éta bakal aya kasatimbangan antara produksi jeung degradasi, antukna jumlah vitaminna mah sakitu-kitu kénéh[1]. Dina awak manusa, D3 jeung D2 sarua pangaruhna dina ngaronjatkeun kadar hormon vitamin D dina sirkulasi[13], najan aya ogé nu nyebutkeun yén D3 leuwih matih batan D2[14]. Dina awak séjén spésiés, contona beurit, vitamin D2 leuwih jétu pangaruhna batan D3[15]. Boh vitamin D2 atawa D3 dipaké salaku panambih/suplemén gizi, kaasup bentuk farmasi kalsitriol (1alpha, 25-dihydroxycholecalciferol), doxercalciferol and calcipotriene.[16] BiokimiaVitamin D téh prohormon, hartina teu boga aktivitas hormon anu mandiri, tapi dirobah jadi hormon aktif 1,25-D dina mékanismeu sintésis anu diatur. Produksi vitamin D di alam ampir salawasna merlukeun ayana sorot cahya UV; samalah vitamin D dina katuangan gé diturunkeun tina organismeu, ti su'ung nepi ka héwani, nu teu bisa nyieun sorangan iwal mun aya cahya UV. Pikeun conto, vitamin D dina lauk asalna tina ganggang nu nyintésis éta zat dina cai dé'ét nu katojo ku UV panonpoé. Produksi dina kulitKulit téh kabagi jadi dua lapisan utama: (1) lapisan jero nu disebut dermis nu lolobana diwangun ku jaringan konéktif jeung (2) épidermis, bagian luar anu leuwih ipis. Épidermis diwangun ku lima strata nu urutanana (ti luar ka jero) stratum corneum, stratum lucidum, stratum granulosum, stratum spinosum, jeung stratum basale. Vitamin D3 dijieun ku cara fotokimia dina kulit tina 7-dehidrokoléstérol nu paling loba numpuk dina lapisan épidermal, utamana dina stratum basale jeung stratum spinosum[11]. Ku kituna, produksi pra-vitamin D3 paling loba dina dua stratum éta. Rujukan
Bacaan salajengna
|
Portal di Ensiklopedia Dunia