Sapi
Sapi nyaéta sato tandukan hasil doméstikasi anggota subfamili Bovinae ti famili Bovidae. Sapi diternakkeun pikeun diala daging, susu, kulit, jeung tanagana. Di India, misalna, sapi téh malah dihurmat, teu meunang dirogahala numutkeun kapercayaan Hindu. Kiwari, sadunya téh aya kira 1,3 miliar sapi [1]. Numutkeun paniténan munggaran ku Carolus Linnaeus, sapi téh digolongkeun kana tilu spésiés: Bos taurus (sapi Éropah, kaasup tipe nu sarupa ti Aprika jeung Asia), Bos indicus (zebu), jeung Bos primigenius (geus lastari). Nu pamungkas mangrupa karuhun pikeun dua nu ti heula. Kadieunakeun, tilu spésiés ieu ngariut jadi hiji, maké ngaran Bos primigenius taurus, Bos primigenius indicus, atawa Bos primigenius primigenius. Sapi ieu bisa ogé baranahan mun jeung spésiés séjén nu deukeut, misalna jeung yak, banténg, gaur, jeung bison. Teu bisa sotéh jeung munding. Baca ogé
Rujukan
Tumbu kaluar
|
Portal di Ensiklopedia Dunia