Lionel Messi

Lionel Messi (2011)

Lionel Meessi nyaéta hiji pamaén bal asal Argentina nu ayeuna maén keur F.C. Barcelona jeung mangrupa kaptén tim nasional Argentina, manéhna maén salaku penyerang.[1] Messi mangrupa tukang ngasupkeun gol panglobana di Barcelona sapanjang sajarah.[rujukan?] Dina umur 21 taun, Messi geus dinominasikeun pikeun Ballon d'Or jeung pamaén Dunia FIFA pangalusna.[1] Dina taun 2009, manéhna meunang Ballon d'Or jeung pamaén FIFA pangalusna jeung penghargaan FIFA Ballon d'Or pangawalna dina taun 2010 jeung 2011.[1]

Kahirupan Awal

Messi babar di Rosario, Provinsi Santa Fe, ti pasangan Jorge Horacio Messi, hiji pagawé pabrik beusi jeung Celia Maria Cuccittini, tukang bebersih.[2] Ti garis katurunan bapana, manéhna asal ti Ancona, hiji kota di Italia, di mana nini moyang na, Angelo Messi, hijrah ka Argentina dina taun 1883.[2] Manéhna miboga dua lanceuk lalaki, Rodrigo jeung Matias, jeung hiji adi awéwé, Maria Sol.[2]

Referensi

  1. a b c (id)Pemain Bola Terkenal Archived 2016-02-29 di Wayback Machine (diakses 11 Pebruari 2016)
  2. a b c (id)Biografi Lionel Mesi Archived 2016-04-21 di Wayback Machine (diakses 11 Pebruari 2016)

Information related to Lionel Messi

Prefix: a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z 0 1 2 3 4 5 6 7 8 9

Portal di Ensiklopedia Dunia

Kembali kehalaman sebelumnya