Gunung Burangrang

Gunung Burangrang nyaéta gunung api mati nu aya di Pulo Jawa, Indonésia. Jangkungna gunung Burangrang ieu sakitar 2.064 m. Gunung ieu mangrupa salasahiji tina hasil bituna Gunung Sunda di zaman prasajarah. Gunung Burangrang pagigir-gigir jeung Gunung Sunda.

Gunung Burangrang ngabogaan kawasan leuweung pasir, leuweung Dipterokarp, leuweung Montane, jeung leuweung Ericaceous atawa leuweung gunung.[1]

Daérah Atikan Pecinta Alam

Gunung Burangrang mindeng dijadikan tempat para Pecinta Alam jang ngalaksanakeun atikan jeung latihan Dasar Kepecintaalaman. Salian di gunung Burangrang aya ogé tempat lain nu mangrupa bagéan tina Gunung Burangrang, nyaéta Situ Lémbang, daérah ieu kaasup daérah militér dina komandona Pusdikpassus.[1]

Rujukan

  1. a b Idris, Muhammad. "Serunya Naik Gunung Burangrang, Rimba Tempat Latihan Kopassus". detikTravel (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2019-04-01. 

Information related to Gunung Burangrang

Prefix: a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z 0 1 2 3 4 5 6 7 8 9

Portal di Ensiklopedia Dunia

Kembali kehalaman sebelumnya