Sérbia
Sérbia atawa resmina Républik Sérbia (basa Sérbia: Република Србија atawa Republika Srbija) mangrupa hiji nagara républik di tenggara jeung tengah Éropa. Dina 2003 nepi ka 2006, Sérbia ngagabung jeung Monténégro dina hiji pasamakmuran nu dingaranan Uni Nagara Sérbia jeung Monténégro kalawan ibu kota nagara Belgrade. Sérbia tepung wates sareng Hungaria di kalér; Romania jeung Bulgaria di wétan; Makédonia jeung Albania di kidul; sarta Monténégro, Kroasia, jeung Bosnia-Hérzégovina di beulah kulon. Dina 21 Méi 2006, rahayat Monténégro ngalaksanakeun pamilihan dina wangun Réferéndum Kamerdékaan Monténégro jeung 55,5 persén pamilih hayang kamerdékaan Monténégro. Salajengna dina kaping 3 Juni, 2006, Parlemén Monténégro mroklamasikeun kamerdékaan Monténégro,[1] jadina salajengna Monténégro minangka hiji nagara sorangan. Réferénsi
Tumbu kaluar
Information related to Sérbia |
Portal di Ensiklopedia Dunia