Argéntina
Argéntina, resmina Républik Argéntina (basa Spanyol: República Argentina, dilapalkeun: [re̞ˈpuβlika arxe̞nˈtina]), nyaéta nagara Amérika Kidul nu panggedéna aréana, sanggeus Brasil. Nagara ieu mangrupa nagara féderasi ti 23 propinsi jeung hiji kota otonom, Buenos Aires. Nagara ieu wawatesan jeung Paraguay sareng Bolivia di kalér, Brasil sareng Uruguay di kalér-wétan, sarta Chili di kulon jeung kidul. Klaim Argéntina kana Antartika, katunda ku ayana Traktat Antartika 1961. Argéntina ogé ngaklaim Kapuloan Falkland (basa Spanyol: Islas Malvinas), Georgia Kidul, jeung Kapuloan South Kidul, nu diadministrasi ku Britania Raya salaku téritori peuntas lautna. Propinsi![]() Argéntina ngawengku 23 propinsi (basa Spanyol: provincias, tunggal provincia) jeung 1 kota otonom (Ciudad autónoma de Buenos Aires). Kota jeung propinsi-propinsina miboga konstitusina sosorangan, tapi aya dina sistim féderal. Propinsi-propinsina teras dibagi kana departemén (basa Spanyol: departamentos, tunggal departamento), jeung kotamadya (basa Spanyol: municipios atawa intendencias), iwal Propinsi Buenos Aires, nu dibagi kana partido. Kota Buenos Aires dibagi kana komune. Tempo ogéRujukan
Tumbu kaluar
Information related to Argéntina |
Portal di Ensiklopedia Dunia